Bukan Jali

110 17 0
                                    

23:00 WIB Di kostan bu yayat spd.mpd.mm.ml.xyz
Disinilah tempat kita menyatu, bersama, berbagi cerita juga berbagi rasa, asa, dan sajabana. Seperti biasa wayah gini mah pagawean kami maen games, bari ngops dan ududs.

Iip : euhh ajig eta maju bod maju!
Ebod : ulah waka ajig aing sieun paeh!
Indra : sia nyampah wae bod!
Ebod : aing arek modar ajig!
Iip : clok clok clokk!!
Indra : ahh anyir kecewa aing
Ebod : eleh atuh eweuh sinyalan kieu mah!
Iip : wifi na goreng ah
Indra : heeuh
Indra : eta musuh hudang deui
Ebod : urang dikurilingan kieu
Ebod : bantuan atuh euy
Iip : kela kela
Indra : awas eta ditukang aya musuh bod!
Ebod : paehan ku aing JDORR!!
Indra : buru eta benangkeun berliana bod!
Ebod : heup tah siah aing menang nyawa
Iip : anying kedeng deui menang buru!
Indra : siap

Jol parem lampu

Ebod : alah anying naha parem
Iip : ajig wifi na ge leungit
Ebod : goblog sakedeng deui menang
Indra : nggeus noob ieumah
Ebod : ah goblog
Iip : tingali geura dra parem lampu atau koslet
Indra : parem lampu ajig ieumah

*Si epul datang

Epul : Euh jol parem lampu kieu euy, meni paroek kieu
Ebod : geus dimana maneh pul?
Epul : di bu oman
Ebod : si jali mana?
Epul : balik ka imahna
Epul : diluar meni sepi euy asa keeung kieu
Indra : heeuh da jam sakieu mah geus malolor
Epul : rek hujan badag ieumah,bakal lila paremna
Ebod : ah ajig hp aing low deuih
Iip : buru lah geura malolor
Epul : heeuh aing ge cape hayang molor
Indra : henjug tiheula aing can ngantuk

Si iip jeung si epul indit ka kamar, aing jeung si ebod masih keneh melek.

Ebod : lapar euy dra
Indra : heeuh sarua, ngagoreng sangu yah
Ebod : heeuh hayu

Ketika aing dan ebod sedang masak didapur, tiba tiba aya nu ngetrokan panto.

Ebod : saha nu ngetrokan panto dra
Indra : si jali meren, jug buka
Ebod : biasana ge sok jojorowokan si eta mah

Si ebod langsung indit muka panto, teu lila si ebod balik deui.

Ebod : eweuh sasaha ah, nu iseng meren
Indra : piraku ah, si jali hereuy paling ge

Teu lila aya nu ngetrokan panto deui, suarana rada tarik ayeuna mah

Ebod : ajig saha sih dra!
Indra : ku aing buka na geura, si jali ieumah

Aing langsung weh indit muka panto nu di konci. Pas aing muka panto, TERNYATA...

Indra : NYA CEUK AING GE SIA JAL!

Si jali jol seuri bari nangtung harepeun panto.

Indra : siamah sok hereuy jal!
Indra : buru asup geus peuting urang konci deui, naha koh maneh balik ka imah? Teu betah nya di imah mah
Indra : aing keur ngagoreng sangu, maneh dahar can
Jali : encan

Aing indit ka dapur, si jali nuturkeun

Indra : si jali ajig loba hereuy
Ebod : bangsat sia jal ngarerewas wae
Ebod : yeuh geus jadi sangu gorengna
Indra : buru dahar dikamar we, si iip jeung si epul bisi hayangeun oge
Ebod : heeuh,buru jal
Jali : sok tiheula

Ebod jeung aing langsung indit ka kamar.

*Dikamar

Si iip keur vc,an si epul geus molor

Iip : heeuh sarua parem didieu ge
Iip : bakal lila paremna ceunah
Iip : maneh kadieu atuh, teu asik siamah ah

Ebod : vc,an jeung saha ip?
Iip : ieu si jali
Ebod : hah! mana goblog ningali
Iip : yeuh (nempokeun layar hp)
Jali : euyy bod kernaon siaa
Ebod : anying! heeuh si jali dra
Indra : bod.. trus nu ku aing di asupkeun saha?
Ebod : TUTUPAN ETA PANTO DRA! KONCIAN!!

DAGGG! Aing langsung ngoncian panto kamar.
Anjing!! Aing jeung si ebod ngahuleung tarik!

Iip : kunaon sih aya naon?
Jali : kunaon asa rame yeuh
Ebod : jal, aisia eta aya dimana?
Jali : di imah aing mah tatadi ge, emang si epul teu ngomong aing moal ka kostan?
Ebod : ari nu tadi ka kadieu saha? Koh maneh lain?
Jali : ka mana iteh? Tatadi ge aingmah diimah, teu kadinya heula
Ebod : GOBLOG INDRAAA!!
Indra : JURIG BOD JURIGG!!
Iip : kela aya naon sih?
Indra : tadi aya nu mangrupakeun si jali ip asup ka kostan!!
Ebod : anjing sia da indraa make di asupkeun goblogg!
Iip : AISIAA
Ebod : ayeuna keur di dapur ip!!
Indra : goblog aing sieun tika gempeur kieu
Ebod : aing ge sarua goblog,mana parem lampu keneh deuih
Iip : HAG SIAHH ANYING JURIGG!!!

Teu lila..

TROK TROK TROK (Ngetrokan panto kamar)

ANYINGGGG!!! AING, SI EBOD,SI IIP LANGSUNG MURUNGKUT DINA SIMUT. SANGU GORENG GE NEPIKA TEU KA DAHAR SAEUTIK EUTIK ACAN, MALAHAN MAH KALEYEUKAN SAKING KU PANIKNA.
DEMI BUJAL NAGA AING REUWAS GEUS NGASUPKEUN JURIG KA KOSTAN!

Epul : ihh atuh heurin kieu aing, keur nanaonan saria nyumput dina simbut
Ebod,indra,iip : GANDENG AISIA AYA JURIG!

__









TUKANG HALUUnde poveștirile trăiesc. Descoperă acum