Indra sakit

156 21 0
                                    

"Pul, pang nyokotkeun cai nginum:("
"Pul, hayang bubur:("
"Pul, hayang ka cai:("
"Pul, hayang kawin:("

Ririwit pisan mun si indra geus gering! Aing ngadon dititahan wae si koplok mah:( udah kaya babu we aing teh disuruh ini itu. Tapi gapapa jiwa kesetiakawanan aing masih utuh, demi kawan.

Aing : ceuk aing ge naon
Aing : sing loba nginum
Aing : isuk isuk teh sarapan heula
Aing : memeh mangkat gawe
Aing : da siamah isuk isuk kalah nginum cikopi jeung udud
Aing : ai sangu dipanerikeun
Aing : ulah ulin peuting wae, siamah da beuki liliaran teh
Aing : gadang meni hampir unggal peuting
Aing : awak teh kudu dijaga
Aing : kudu diistirahatkeun
Aing : geus gering kieu saha oge nu susah!
Indra : heeuh nggeus atuh ulah dicarekan wae kanu gering teh karunya:(
Indra : urang leleus pul:(
Indra : hayang balik, kangen si mamah
Aing : heeuh ngke mun geus cageur hegae balik

*Teu lila si jali datang

Jali : yeuh aing mawa batagor barangkali ada yang minat?
Aing : eh siamah lain meuli bubur jang si indra
Jali : eweuh nutup
Aing : nu jualan bubur teh lain hiji dua meren, pasti loba kneh nu muka
Jali : atuh hoream ah geus kapalang balik, meuli we buryam ditu
Aing : pang meulikeun
Jali : atuh ku sia aing mah hoream
Jali : yeuh dahar batagor we atuh meni kudu jeung bubur sagala
Aing : kudu jeung bubur ceuk dokter ge
Jali : atuh nyieun we dina beas
Aing : teu boga beas aisia beak
Indra : bae bae teu kudu meuli, urang mah ngasakan emih we
Aing : sok we sok sia wani ngadahar emih mah, inget ceuk dokter ge harus makan yang lunak lunak
Aing : kela atuh nya aing ka warung heula
Aing : mana dieu aing nginjeum motor maneh jal
Jali : yeuh (mikeun konci) aing nitip Umild sabungkus
Aing : heg

Ketika aing hendak pergi kewarung, tiba tiba pahlawan kemaleman datang dengan membawa seorang putri cantik idaman aing. Panggil saja mereka iip dan ica, mereka kakak beradik.

Iip : samlekomm epribadihhh
Ica : assalamualaikum
Aing : ehh ada siganteng, eh ada si cantik ica jugaa.. waalaikumsalam, masuk masuk
Jali : ehh icaa, udah lama ga ketemu ih
Ica : iya hehe bang jali apa kabar
Jali : baik dongg, ica ih asa makin cantik aja
Ica : haha bisa aja
Iip : mana si indra pul?
Aing : itu di kamar

*Di kamar

Iip : dra?
Indra : ehh ipp.. eh icaa
Iip : kunaon maneh teh dra?
Indra : ieu biasa kumat deui ip
Iip : maneh mah da tara jaga kesehatan
Ica : iyaa ih a indra jaga atuh kesehatannya
Indra : iyaa nanti mah dijaga ca hehe
Iip : yeuh urang mawa bubur
Indra : euh nuhun pisan ipp
Iip : heeuh sok geura dahar
Ica : sini ica suapin yah a
Indra : ih gausah bisa sendiri kok
Ica : gapapa atuh a indra bisi masih lemes, ica suapin aja
Iip : bae dra sugan we sanggeus dihuapan ku si ica mah maneh langsung cageur wkwk
Indra : haha saaloh ip

Melihat si indra keur suap suapan jeung si ica jiwa sirik aing pun kembali meronta ronta. Eum anying untuk yang kedua kalinya aing merasa sirik:( si ica emang rada perhatian ka si indra, teuing kunaon. Apa si ica menumbuhkan rasa ka si indra? Ih ulah atuhh, ulah ka si indra ka aing we da aing ge kasep ca:(

Ica : nih a lagi (ngahuapkeun bubur)
Ica : a indra tuh harus jaga kesehatan
Ica : jangan banyak gadang
Ica : gaboleh kecapean, kumat kan jadinya
Indra : iya icaa
Ica : abis ini minum obat ya trus langsung istirahatin
Indra : iya siap ca

TEU BISA IEU MAH TEU BISA, AING TEU BISA NINGGALI MEREKA KAYA GITU:( POKONYA AING JUGA MAU KAYA SI INDRA. OKE FIX BESOK BESOK AING HARUS GERING! BIAR DI HUAPAN SAMA SI ICA.

BASA HARITATempat cerita menjadi hidup. Temukan sekarang