Bagian 1
Sanding Danghyang ki sunda jadi bubuka wiwitan jejer anu kawentar di lemah alas lohjinawi ing Nusantara, lemah subur makmur sugih mukti sanajan teukasebut tentrem tapi teu ngurangan kana kamonesanana .
Leuweung luwang liwung masih gegek hampir disapanjang tungtung tenjo , gunung gunung rarentul dipapaes ku rajegna tatangkalan pon nyakitu ngemplok hejona pasawahan teupetot leupas tina alih teuteupan satiap insan nu aya dipelemburan ,
Tatar Sunda mangrupakeun hiji daratan anu sanggalna memang lega , ngahiji antara daratan borneo nepika daratan malaka kiwari . Tapi kuayana bancang pakewuh alam sawareh lemah sunda geus ka kerem ku laut anu antukna kapisah pisah jadi sababaraha nusa .
Hal ngeunaan sasakala sunda memang rupa rupa jalana , loba jejer anu turun tumurun timimiti karuhun nepika anak buyut sekeseler . Beja pabeja beja anu antukna tepi kauranng kiwari
Anu geus pasti tatar sunda nyimpen sajuta carita , endah alam na matak genah tur lalugina lamun seug neuleuman ku ati sanubari.
Tatar sunda lir mutiara disatengahing papat buana panca tengah hasil mahakarya sang Ilahi.
Tapi sanajan kitu , sakumaha anu geus ditepikeun ti awal yen tatar sunda nyimpen misteri sajuta carita , dibalik kaendahan alamna nyimpen rusiah carita anu pohara , boh dina segi kahirupan rahayat biasa atawa golongan dunya makalangan . Rupa rupa carita anu geus kaalaman , carita bagja boh carita anu matak pikaketireun .
Saperti dina hiji waktu tibelah wetan iring iringan mega hideung katenjo mimiti nyimbutan alam sabudeureunana , sinar sang surya meh sagemblengna kalalangsean anu ngabalukarkeun iuh iuh di padaratan .
Guludug karungu gegelegeran dijomantara nandakeun lamun langit sakeudeung deui bakal nyurahkeun hujan.
Enya we , meunang sababaraha lila antukna langit ngucurkeun caina , hujan ngagebret di iring ku ting barasatna gelap saleser , jalma jalma gentak birat patauran muru kaimah na sewang sewangan nepika taya saurang urang acan anu ngalanto diluaran.
Kaayaan teubeda jeung dipilemburan ngagebretna hujan oge milu nyimbutan dipuncak Gunung Himara atawa anu ayeuna disebut Cakrabuana , kuayana kitu situasi dipuncak eta gunung jadi pikaeungeun , poek baring jeung riuh ku hujan angin dor dar gelap , malahan sawareh tatangkalan mah ayanu geus rungkad bakating kutarik katebak angin .
Alih alih pahibutna alam anu aya dipuncak Himara..., dilebah lamping anu masih aya disakitaran puncak gunung katempo aya hiji guha anu kawilang cukup lumayan gede , kaayaan dijerona caang beda jeung ilaharna guha anu poek mongkleng butarajim , di jero guha jiga aya sumber cahaya anu jadi pertanda aya kahuripan dijerona.
Lamun ditilik kajerona memang enya ..! Di jero guha kasampak saurang lalaki nonoman keur diuk nyanghareup kana durukan. Tumungkul bari nitenan salambar kerta anu keur dicepengna .., tapi lamun ditilik kanu keur dicepeng ku eta lalaki teh sabenerna lain kertas , tapi hiji lembaran tina papagan kai , tina eta lembaran natrat tulisan aksara sunda buhun anu kuayeunamah geus moal kaharti , riual riul tapi ngabentuk kalimat kalimat anu ngadung rusiah.
Eta lalaki anonoman anu mibanda keureutan rupa tegep tapi ngandung wibawa komara anu gede terus neuteup sieup kana tulisan anu aya dina lembaran , katemponamah lain maca tulisan da sinar panona oge jiga teuteupan kosong , teuteupan pinuh kusawangan atawa lamunan .
Menang sababaraha lila kaayaan eta jalma tetep saperti kitu , tetep ngalamun anteng dina sawangan.
Eta lalaki tuluy ngarahuh panjang jiganu keur micaeun bangbaluh , gerendeng eta lalaki karungu ngageredeng lalauanan meh teu nyoara
"Ki Guru Argadana ! AJI KRANGGAN SATRENJU (Saptarenyu) jeung Pusara Sanghyang Bandring anu aya dina ieu lembaran kitab Taloh geus kacangking sagemblengna ku kuring .., tapi naha tatu jero anu geus ngagurat mang taun taun teu ieuh cageur , kalah angger wae .
Tetela tatu akibat teunggeulan iblis Jalasetra teubisa dipupus kitu wae "
YOU ARE READING
Langlang Jagad
Actionkisah seorang pendekar tampa tanding . di juluki langlang jagad karena kisahnya yg mengembara hampir ke seantero penjuru dunia. Cerita ini karya LASMI INDRI. dongeng silat Versi Sunda
