Aep panggih jeung お化け(jurig)

57 1 0
                                        

Aep POV

Sampurasun dulur dilembur, Baraya di kota. Salam Sunda.

Urang Aep ti Cimahi. Poe ieu urang geus sabulan leuwih magang didieu, di Jepang. Jepang emang Endah, bersih, rapih, tapi tiiseun jiga kuburan hehehe...
Tapi da angger ari hate mah tetep milih Indonesia lah.

Urang mulai asup gawe bulan September. Lamun hayang apal mah nya, urang Jepang mah balageur. Ngan lamun mimiti gawe nyebut ngarti tapi sabenerna henteu bahaya lur. Bisa teu dipercaya deui ku urang Jepang na. Kitu Weh lur.

Tah ayeuna line Atawa bagean urang gawe keur sibuk pisan. Riida, lamun ceuk bahasa Inggris na mah leader Atawa atasan. Manehna nitah urang zangyou(lembur) tilu jam. Si Eka Jeung nu sejen mah baralik tiheula kusabab gawena nyalse.

Jam 5
"Aep, urang balik tiheula, Kade dijalan ati-ati sabab maneh mah ceplas-ceplos ngomongna. Tiheulanya" pamit si Eka bari ngaleos.
Si Eka ngomong ni kangeunahan kitu. Ceplas-ceplos cenah. Tapi da heueuh ketang pikir urang ge. Urang nuluykeun gawe nepi jam dalapan, tuluy balik.

Rarasaan urang geus teu ngeunah pas edek balik teh. Ngan urang mikirna positif we da ieu pan Jepang, lain Indonesia pasti amann. Urang leumpang ka parkiran nyokot sapedah. Hate asa was-was yeuh. Tapi da kumahanya hayang buru-buru balik tea, naek sapedahna ngebut we urang teh.

Di jalan urang manggihan jiga awewe tapi asa kucel.
"Punten ah"
Urang nuluykeun bari luak-lieuk. Teu nyangka eta awewe nuturkeu. Tapi teu lumpat teu leumpang.
"Si ajig ngalayang"
Urang ngeureunkeun sapedah tuluy ngomong.

"Jurig! Sia nanaonan nuturkeu aing! Indit kaditu siah"
Tapi manehna ngadon cicing we teu ngajawab. Teu lila manehna ngadeukeutan bari nyodorkeun leungeunna. Kuurang tepak we leungeunna.

"Ajig, ajig, ngadon ngadeukeutan jurig teh! Indit siah jurig. Ajig, jurig siah tong ngadeukeutan aing. Indit kaditu siah, indit!"
"痛い (Itai/sakit)"

Urang sieun dideukeutan jurig, tuluy urang ngadenge manehna ngomong kitu. Urang teh beuki we sieun.

"Emaaaa, bapa..  tulungan Aep, emaaaa!!" Beuki tarik ngagorowok atuh urang teh.

Teu lila eta jurig ngomong kieu.
" お前は本当にバカ!(Omae ha hontou ni baka/kamu ini benar-benar bodoh)" tuluy ngapung.
"Alaaaaah, ngapung beneran Ning"

Urang buru-buru naek sapedah tuluy ngebut, sieun eta jurig balik deui. Der urang reuwas, leuheung reuwas hungkul kumaha mun langsung heeeek.

Dijalan urang babacaan we.
Pas nepi ka apato urang muka panto satarikna.
"-braaak- hahh... Hahh... Hahh..."
"Ajig, aing reuwas" ceuk si Eka.
"Huaaaaa .." si Edi ngagorowok.
"Ka... Di..." Urang lumpat nyampeurkeun manehna. Tuluy si Eka nanya.
"Ari maneh kunaon? Datang-datang jol ngagetkeun urang?"
"Ka.. ka.. tadinya, tadi urang panggih jeung jurig dijalan"
"Tuluy.... Urang kudu kumaha?"
"Ihh maneh mah, ni teu pekkkkkaaa"
Urang ngomong disisieun ceulina meh kadenge tuluy ngarti.

"Si ajig, urang teu budeg. Deukeut-deukeut teuing ngomong teh"
"Atuh peka saeutik maneh teh, pan urang teh sobat maneh"
"Heueuh, heueuh. Emang jurigna jiga kumaha?" Si Eka nanya ka urang. Ku urang di jelaskeun

"Kieunya, hemm buukna panjang ngarumbay tapi acak-acakan. Bajuna bodas panjang"
"Kela, emang euweuh nu pondok?"
"Eh si ajig, dengekeun heula atuh. Maen potong wae" urang rada kesel yeuh.
"Manehna ngapung teu nincak jalan"
"Nya heueuh atuh, lamun ngapung nya teu nincak jalan"
Can ge nuluykeun Carita si Eka motong deui. Bakat ku kesel urang ngadeukeutan manehna tuluy ngomong.
"Kumaha sia we lah Ka"
Saengges di omong kitu manehna ngomong
"Heeeuh, ngambek. Sok atuh tuluykeun" manehna cicing Weh. Urang nuluykeun deui caritana.

"Heeuh manehna ngomong make bahasa Jepang, (si Eka geus muka biwir dek ngomong, tapi kuurang kaburu di omong) cicing siah urang ge apal maneh dek ngomong da ieu keur di Jepang lain di Thailand"

"Si ajig, urang dek heuay jadi teu jadi. Sia mah ah"
"Eh, hampura atuh Ka" urang teh seuri Weh.

Urang nempo si Edi cicing wae kunaon nya eta budak. Ti mimiti urang datang manehna ngagorowok tapi jol jempling we, padahal manehna cicing gigireun si Eka. Ku urang teh deukeutan. Manehna keur sibuk. Tapi teuing sibuk naon. Urang nempo manehna keur nyorat nyoret buku.
Teu lila manehna nempokeun buku nu tadi di Corat coret tuluy ngomong.

"Anggeus yeuh. Kieu lain jurigna?"
"Baaaah, boa edan" ceuk si Eka.
Urang ge milu reuwas, Jeung hayang seuri.
"Si ajig, boa edan. Eta gambar Atawa benang kusut?"
"Nu penting mah buuk panjang, baju panjangkan" ceuk si Edi bari bungah.

*****
Atos heula ah Carita ti simkuring. Sakitu wae.
Mugi-mugi caritana lucu, lucu teu lucu seuri we nya.
Sampurasun...  😁😄

Salam Sunda!

Urang Sunda Magang Di JepangStories to obsess over. Discover now