CIUNG WANARA

13.6K 20 8
                                    

Kacaritakeun di Karajaan Galuh, permaisuri raja nu ngaran Dewi Naganingrum ngalahirkeun .Orokna lalaki nya mulus nya kasep .Mirengeuh kitu, Dewi Pangrenyep ,istri selir raja Galuh anu can pareng bae boga anak ,ngarasa sirik .

Hiji mangsa eta orok teh dicokot ku Dewi Pangrenyep ,diwadahan kana kandaga, di bekelan endog hayam sahiji, tuluy dipalidkeun ka walungan. Minangka gaganti eta orok, dewi pang renyep neangan anak bagong, tuluy di tunda di pangsarean Dewi naganingrum.

Kocapkeun tuluy ibur bae sanagara. Raja nandang wiwirang lantaran boga anak rupa bagong. Raja Galuh pohara murkana. Dewi Naganingrum geuwat di buang ka leuweung.

Demi orok tea, terus bae ngangkleung di walungan.

Hiji waktu kapanggih ku aki Balangantrang jeung nini Balangantrang. Eta orok dirawu dipangku, diurusan. Endogna nya kitu deui, diampihan, megar jadi hayam jago. Beuki lila budak teh beuki gede, wanter gede kawani, dingaranan Ciung Wanara.

Nincak sawawa, Ciung wanara miang ka dayeuh galuh, niat rek nyorog ngadu hayam. Hayam na teuing ku sakti taya nu nanding. Unggal di adukeun unggal bae, bisa ngelehkeun hayam nu lian. Eta sababna Ciung Wanara tepi ka wani mawa hayamna ka karajaan. Ngadu hayam jeung Prabu Galuh. Saur Kangjeng Prabu, lamun hayam Ciung Wanara meunang, piteumpangeunana nagara galuh saubeulah.

Der bae hayam teh diadu. Itu teuneu ieu ludeung. Silih pacok ku pamatuk, silih getik ku jangjangna, hayam sarua bedasna. Lila-lila hayam Ciung Wanara kadeseh, nepi ka kapaehan. Gancang disambat, dibawa ka sisi walungan cibarani. Dibanjuran tepi ka elingna pisan. Tuluy dibawa deui ka pakalangan, di adu keun deui jeung hayam Prabu Galuh. Keur kitu datang Nagawiru ti Gunung Padang, nyurup ka hayam ciung wanara. Atuh hayam teh pohara saktina. Hayam macok bari meupeuh,tepi ka paehna hayam Prabu Galuh.

Ciung wanara anu saenyana putra pituin prabu galuh, tuluy dibere nagara sabeulah sarta dijenengkeun jadi raja.

Kamu telah mencapai bab terakhir yang dipublikasikan.

⏰ Terakhir diperbarui: May 01, 2009 ⏰

Tambahkan cerita ini ke Perpustakaan untuk mendapatkan notifikasi saat ada bab baru!

CIUNG WANARATempat cerita menjadi hidup. Temukan sekarang